Conto Kecap Sipat (Adjektiva), kalimat Konotatif Denotatif Basa Sunda

Dinu pembahasan ieu simkuring bakal ngajelaskeun sababaraha conto kalimat/kecap sipat (adjektiva) sarta kecap konotatif jeung denotatif

A. Nyungsi Kecap Sipat (Adjektiva)

Titenan Kecap anu didengdekeun dina kalimah ieu dihandap!
(1) Peunteun basa Sunda Yayan leuwih alus tibatan Titin.
(2) Pahlawan mah wani ngorbankeun nyawa demi ngabela lemah cai.

Conto Kecap Sipat (Adjektiva), kalimat Konotatif Denotatif Basa Sunda
Kecap leuwih alus (1) jeung wani (2) dina kalimah diluhur teh duanana oge kaasup kana kecap sipat. Ari anu disebut kecap sipat teh nyaeta kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang. Kecap sipat mangrupa sajumlahing kecap anu sakurang-kurangna mibanda ciri kieu:

  1. Bisa dipiheulaan kecap leuwih jeung mani, contona : leuwih alus, mani rame, jste.
  2. Bisa dituturkeun kecap pisan, kacida jeung naker, contona : alus pisan, alus kacida, alus naker, jste.
  3. Bisa ngawangun frasa babandingan anu pohara…-na jeung kacida…-na, contona : Pohara alusna , kacida alusna, jste.
  4. Bisa dirarangkenan pang-na jeung sa-R(arangken)-na, contona : pangalusna, saalus-alus-na.

Kecap sipat bisa dipasing-pasing luyu jeung kamampuh dina ngagambarkeun babandingan. Rupa-rupa babandingan dina kecap sipat, diantarana:
1. Kecap sipat ekuatif, nyaeta kecap sipat anu sarua, biasana make rarangken  sa-jeung wangunna sarua…jeung

Contona: – Imelda sageulis lanceukna.

– Imelda teh sarua geulisna jeung lanceukna.

2. Kecap sipat komparatif, nyaeta kecap sipat anu nuduhkeun hal anu dibandingkeun teh ngaleuwihan nu lain, biasana make pola kieu : … leuwih + kecap sipat + batan...

Contona : – Baju kameja Doni leuwih alus batan nu Nita.

3. Kecap sipat superlatif, nyaeta kecap sipat anu nuduhkeun hal anu dibandingkeun teh ngaleuwihan nu lain, biasana make pola kieu : pang…-na jeung pohara…-na

Contona : – Indri budak pangpinterna di kelas.

– Sapatu teh pohara alusna.

B. Nyungsi Harti Konotatif jeung Denotatif

Titenan kecap nu didengdekeun dina kalimah ieu dihandap!

(1) Ulah diheureuyan Neng Asti mah, geus dicangcang ku Jang Dadi.

(2) Domba dicangcang kana tangkal nangka.

Dina sajak sok kapanggih aya kecap-kecap konotatif (kiasan). Ari harti konotatif teh nyaeta harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen. Upamana wae kecap dicangcang dina kalimah (1) jeung (2), najan kecapna sarua tapi mibanda harti anu beda. Kecap dicangcang dina kalimah (1) , maksudna teh geus tunangan atawa geus aya nu nanyaan/neundeun omong. sabalikna, ari kecap dicangcang dina kalimah (2) mah mibanda harti sebenerna, nalian beuheung domba kana tangkal. Harti sabenerna atawa saujratna disebut harti denotatif (saujratna). Ari harti denotatif teh harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna.

Sangkan hidep leuwih  paham perkara harti konotatif jeungdenotatif, titenan kalimah ieu dihandap!

1. (a)   Pulisi keur mancing bangsat sangkan kaluar ti panyumputanana.

(b)    Mang Usman keur mancing lauk di balong.

2. (a) Baheula mah keur miskin ngajenan , ari geus beunghar kalah nincak.

(b)   Balik ti sakola, Neng Lia nincak tai kuda.

3. (a) Mun dagang hayang maju, kudu bisa ngala leuwihna.

(b) Mang odang keur ngala jambu di buruan.

Add a Comment