Mantra Basa Sunda : Pengertian, Macam Macam, Ciri, Fungsi jeung Conto Mantra

Mantra Basa Sunda , Hidep kungsi ngadangu istilah Mantra?   Mantra teh asalna tina basa Sansekerta, nu hartina jampe. Dina ulikan sastra Sunda, mantra teh kaasup kana wangun sastra puisi. Jaman baheula, mantra teh dianggap ngandung kakuatan gaib. Dipakena ge tara sgawayah. Mantra biasana tara dibaca nempo kerteras, tapi ditalar ku cara dipapatkeun. Maksudna dipapatkeun mantra, sangkan anu mapatkeunana bisa ngagunakeun kakuatan gaib. Upamana wae mun hayang teu teurak dikadek atawa ditembak, aya mantrana. Kitu deui mun hayang bisa ngaleungit, aya oge mantrana. Aya ogen mantra keur ngubaran jelema anu keur geuring . Malah jaman baheula mah lamun hayang payu ka awewe atawa ka lalaki, sok mapatkeun mantra. Mantra nu kieu disebutna pelet atawa asihan.

Ngan ku lantaran ku kamekaran paneka jaman jeung teknologi, kiwari mantra basa sunda teh geus langka digunakeun. Dina ayana oge ngan ukur di golongan kolot. Kitu oge anu keneh masih muhit atawa percaya kana kakuatan mantra.

Mantra Basa Sunda ,Pangna urang diajar mantra, lain kudu apal jeung bisa ngagunakeun mantra anu boga kakuatan gaib. Manakomo mun urang ngagem agama islam, apan diajarkeun yen menta pitulung mah kudu ka Alloh SWT. Mun urang boga kahayang, bisa ku jalan ngadua. Tah ari maksudna urang diajar mantra, pikeun neuleuman kumaha kabeungharan bahasana. Apan mantra teh ditulisna dina jaman baheula, ku kituna loba kekecapan anu ayeuna ges teu dipake. Hal eta nembongkeun yen basa Sunda teh kacida beungharna.

Sakali deui, tujuan urang mikawanoh mantra basa Sunda teh estuning keur nyungsi ajen-inajen basa jeung sastra Sunda. NYungsi kumaha beungharna budaya urang Sunda. Lain rek ngalap mantra sangkan boga kakuatan gaib, komo dipake caliweura atawa agul ku batur.

mantra basa sunda, papasingan mantra

A. Mapatkeun Mantra Basa Sunda

Ieu dihandap aya bacaan nu disebut puisi mantra. Mantra teh kaasup kana karya sastra Sunda wangun puisi. Puisi mantra dianggap mibanda kakuatan gaib jeung mistis. Dipakena ge teu sagawayah. Mantra biasana dipapatkeun, ditalar, tara dibaca.

Dina sastra sunda, puisi mantra teh loba rupana atawa papasinganan, aya jangjawokan, ajian, rajah, asihan, jampe, jeung singlar. Di handap mangrupakeun macam-macam mantra basa Sunda.

1. Jangjawokan

Jangjawokan teh mantra anu dipakena mun rek milampah hiji pagawean sangkan hasil anu dimaksud tur lungsur-langsar migawena.

Jangjawokan Paranti Nguseup

Aki Rekrek Turaya,

Aing nya pangkonan sia,

Bayu mas nu lenggang patih,

Bayu emas nu lenggang herang,

Bumi meneng bayu meneng,

Ku sangkilat ku moncorong.

 

Jangjawokan Nyarang Hujan

Mega mengkol ka kulon,

Haseup mawa ka kaler,

Hujan mawa ngetan,

Tungkul tuluy ka kidul,

Aki tumenggung ajeg di tengah panggung,

Disered meped ngaler, ngetan, ngidul, ngulon,

pupuruy hujan di belah….(sebutkeun hayangna hujan di mana)

Paralak breg hujan… (sebutkeun iraha hanyangna turun hujan)

 

2. Ajian

Ajian teh mantra anu dipakena sangkan meunang kakuatan, kadugalan, boga sima jeung komara, leudeung, jeung bedas.

Ajian Rwarontek

Hurmiang sang gurmiang,

Lomari turun ngabangri,

Lomara turun ngabangra,

Taneuh garing taneuh baseuh,

Ngahiji jadi sarawa,

Ngarawat awak awaking,

Keclak cai jadi saawak,

Saawak ngaraga cai,

Hiliwir angin kana raga,

Ngahijikeun raga awaking,

Nya aing sirawarontek.

Ajian Pangabaran

Sang guntur sima guntur simaung sima manusa,

Sima aing sima maung,

Lain nyima ka kayu ka batu, tapi nyima ka manusa,

Disima ku kaliwasa rep meneng,

Rep meneng ku pangawasana,

Sabda gumilang beubeur kancing nagawisnu,

Gumilang… 3 e,

Kepek ngelepek… 3 e,

Rep meneng … 3 e,

Sumsum balung tulang wesi,

Sia leumpeuh ngulumpuruk,

Dipupul bayu lir kapas kaibunan.

3. Singlar

Seinglar teh mantra basa sunda anu dipakena pikeun nyinglar jurig, siluman, jin, kuntilanak, sasatoan, (sato galak), hama di sawah atawa dikebon, jeung bangsa lelembut sejenna. Tujuanana sangkan henteu ngaganggu kana tatanen, pepelakan, atawa ngarogahala ka manusa.

Singlar Mulangkeun Teluh

Aing nyaho asal isa ratu teluh ti gunung agung,

Gunung agung ti galunggung,

Aing weruh dumuk sia si sang ratu ceda cawal buah reumbay,

Sang ratu gereleng herang baya, baya tan ku baya,

Nya sia nu baya tanda hirup ku pangaweruh,

Waras ku pangawasa,

Hiding! Hiding Hiding!

Balik! Balik! Balik!

Mangprung ka gunugn agung ka asal sia,

Sing malik kana diri pangirim,

Sing mulang kanu niupkeun.

 

Singlar Sato Galak jeung Jurig

Singlar elmu singlar,

Jimat aing pangabaran,

Aji aing panyinglar bahla,

Mangka nyinglar siluman-silemin,

Lelembutan ratu jurig,

Sing indit sato leuweung,

Sing leumpeuh raja leuweung,

Sima aing sima ganggong,

Awak aing dipikasieun,

Awak aing dipikaserab,

Rab, reup, leumpeuh kabeh.

4. Jampe

Jampe teh mantra anu dipakena lamun rek nyageurkeun kasakit atawa ngubaran anu geuring jeung kacilakaan sangkan henteu karasa nyeuri.

Jampe Ngubaran Raheut

Bul ka manggung,

Dat herang langgeng anu nyurup kana nyawa,

Ras kala jeng eling aya di Gusti anu nyanding,

Gerak kawasa anu manjing hak kalam jeung mutakalimun,

Jaya wisesa aya di kaula hirup waluya asal biasa,

Hak cageur….3x

Balik cageur…3x

Jagjag waringkas waras abdi,

Awak abdi jagjag waringkas,

Cager ku kersa hayat.

Jampe Nyareri Awak

Gusti anu bisa ngandeng kahayang,

Pangeran anu bisa ngecos urat geutih,

Mengkel sari hade sang puruluk putih,

Sang parapat herang sia ngajagjagan awak,

Aing nyaho ka ngaran sia, Geutih meuting dina kulit,

Urat mengkol dina awak,

Mangka lempeng mangka kuat,

Nya aing anu nyekelan ratuna waringkas,

Wedukna jalma kersaning Gusti.

5. Rajah

Rajah teh mantra anu dipakena paranti ngambah leuweung geledegan anu sanget, ngabukbak pihumaeun, nyieun lembur, ngadegkeun imah, nalukkeun bangsa lelembut anu ngageugah hiji tempat, jeung paranti ngaruwat.

Rajah Ngadeugkeun Wangunan

Ahung, ahung,

Ahum paksa ka Dewaata,

Ahum diri ka pohaci,

Jleg ngadeg,

Jlig ngaririg,

Gusti wisesa,

Manusa sampurna,

Kahayang estuning bebeja,

Kabongroy etuning titipan,

Mangka salamet lungsur langsar,

Jleg ngadeg wangunan aing….

Rajah Pantun Ciung Wanara

Pun sapun,

Ka luhur ka Sang Rumuhun,

Ka Guru Hyang Bayu, ka handap ka Batara,

Ka Guru Putra Hyang Banga,

Kuring rek ngembangkeun lampah urang baheula,

Palias mun rek mangmantuankeun,

Seja rek mancakakikeun,

Nutur aluran karuhun…

6. Asihan

Asihan teh mantra anu dipakena pikeun ngawasa sukma atawa hate batur sangkan resepeun atawa sukaeun ka nu macana. Asihan sok disebut oge pelet.

Asihan Semar Mesem

Angkag-ingkig ingkang nanggung rinjing jol si togog lar si semar,

Aha ehe ngajak seuri,

Nya aing ratuna ratu asihan,

Nya aing si raja pelet si raja gendam,

Mangka welas mangka asih, (…sebutkeun ngarana) ka awaking,

Awak aing ngaburinyay cahayaan

Asihan Samping Kebat

Saming aing samping kebat lereng,

ditilik ti gigir lenggik,

diteuteup ti hareup sieup,

Mikaeunteup mikasieup,

mangka eunteup mangka sieup ka awaking ratu asihan,

Ti luhur kuwung kuwungan,

ti handap teja mentrangan,

Ditilik ti tukang lenggik,

ditilik ti gigir sieup,

Mangka eunteup mangka sieup,

Asih…Asih…Asih….

Asih  ka badan awaking.

 

B. Pedaran Perkara Mantra Basa Sunda

  1. Wangenan Mantra

Mantra basa sunda tek kaasup salah sahiji karya sastra Sunda wangun puisi. Puisi anu ditulisna bebas, teu kauger ku aturan guru lagu jeung guru wilangan kawas pupuh. Disawang tina basa anu digunakeunana, mantra teh arkais jeung estetis. Ku lantaran, gelarna geus heubeul pisan, atuh basa anu digunakeunana ge loba anu geus teu dipikawanoh. Disawang tina sifatna, puisi mantra teh ngandung kakuatan gaib tur mistis. Ku lantaran kitu, dina jamanbaheula, mantra teh teu meunang sagawayah diucapkeun.

Maca atawa ngucapkeun mantra disebutna mapatkeun.Cara mapatkeunana oge aya tatacarana. Lamun urang teu ngukuhan kana tatacarana, mantra sok cambal atawa teu matih. Kitu deui cara ngulik mantra, kudu aya guruna. Biasana hayang boga hiji mantra teh, aya sarat saratn, upamana kudu puasa, kudu nyuguh sasajen, jste. Kiwari mantra teh geus jadi banda budaya jeung banda sastra. Naon mangpaatna urang diajar mantra? Lain keur digunakeun anu teu puguh, komo tujuanana pikeun nyilakakeun batur make kakuatan gaib. Tapi tujuan urang mantra teh sangkan bisa neuleuman jeung nyungsi kaendahan basana.

2. Papasingan Mantra

Dumasar kana tujuan dipakena, mantra teh ceuk Yus Rusyana dina bukuna Babagan Puisi Mantra Sunda (1970), bisa dipasing-pasing jadi genep :

  1. Jangjawokan, nyaeta  mantra anu dipakena mun rek milampah hiji pagawean sangkan hasil anu dimaksud tur lungsur langsar migawena.
  2. Ajian, nyaeta anu dipakena sangkan meunang kakuatan, kadugalan, boga sima jeung komara, leudeung, jeung bedas.
  3. Singlar, nyaeta mantra anu dipakena pikeun nyinglar jurig, siluman, jin, kuntilanak, sasatoan (sato galak), hama di sawah atawa dikebon, jeung bangsa lelembut sejenna. Tujuanana sangkan henteu ngaganggu kana tatanen, pepelakan, atawa ngarogahala ka manusa.
  4. Jampe, nyaeta mantra anu dipakena lamun rek nyagerkeun kasakit atawa ngubaran anu geuring jeung kacilakaan sangkan henteu karasa nyeri.
  5. Rajah, nyaeta mantra anu dipakena paranti ngambah leuweung geledegan anu sanget, ngabukbak pihumaeun, nyieun lembur, ngadegkeun imah, nulukkeun bangsa lelembut anu ngageugah hiji tempat, jeung paranti ngaruwat.
  6. Asihan, nyaeta mantra anu dipakena pikeun ngawasa sukma atawa hate batur sangkan resepeun atawa sukaeun ka nu macana. Asihan sok disebut oge pelet.

3. Struktur (Adegan) Mantra

Disawang tina jenglenganana, mantra teh kieu :

a. Eusi Mantra

Eusi mantra biasana gumantung kana tujuan digunakeunana mantra. Upamana mantra asihan, tujuanana pikeun melet batur, tangtu we eusina teh loba kekecapan nu patali jeung tujuan mangaruhan hate batur sangkan nurut atwa resepeun ka nu macana. Upamana asihan ieu di handap :

Samping aing kebat aing,

ditilik ti gigir lenggik,

diteuteup ti hareup sieup,

Mikaeunteup mikasieup,

mangka eunteup mangka sieup ka awaking ratu asihan,

Ti luhur kuwung kuwungan,

ti handap teja mentrangan,

Ditilik di tukang lenggik,

ditilik ti gigir sieup,

Mangka euntreup mangka sieup,

Asih…Asih….Asih…

Asih ka badan awaking.

b. Wirahma Mantra

Asihan di luhur teh wirahmana bisa katiten tina randegan jeung lobana engang unggal padalisan (jajaran kalimah). Tetela lobana engang unggal jajaranana teu angger :

  1. Sam-ping a-ing ke-bat le-reng                                                                  (8-e)                                                                    
  2. di-ti-lik ti gi-gir leng-gik                                                                             (8-i)
  3. di-teu-teup ti ha-reup si-eup,                                                                     (8-eu)
  4. Mi-ka-eun-teup mi-ka-si-eup,                                                                    (8-eu)
  5. mang-ka eun-teup man-gka si-eup ka a-wa-king ra-tu a-si-han,    (17-a)
  6. Ti-lu-hur ku-wung ku-wung-an,                                                               (8-a)
  7. ti han-dap te-ja men-tra-ngan,                                                                 (8-a)
  8. Di-ti-lik ti tu-kang leng-gik,                                                                       ( 8-i)
  9. di-ti-lik ti gi-gir si-eup,                                                                                (8-eu)
  10. Mang-ka eun-teup mang-ka si-eup,                                                         (8-eu)
  11. A-sih…A-sih…A-sih….                                                                                   (6-a)
  12. A-sih  ka ba-dan a-wa-king.                                                                       (8-i)

Jadi asihan di luhur teh mibanda pola kieu ; 12 jajar, unggal jajar guru lagu jeung guru wilanganana teh (8-e); (8-i);(8-eu);(8-eu);(17-a);(8-a);(8-a);( 8-i) ;(8-eu);(6-a); jeung(8-i).

c. Purwakanti Mantra

Purwakanti dina mantra maksudna sasaruan sora tungtung kecap dina unggal jajaran. Geura titenan deui asihan ieu di handap.

Samping aing samping kebat lereng,                                      (ing jeung eng)

ditilik ti gigir lenggik,                                                                    (ik, ir, jeung ik)

diteuteup ti hareup sieup,                                                           (eup, eup, jeung eup)

Mikaeunteup mikasieup,                                                              (eung jeung eup)

mangka eunteup mangka sieup ka awaking ratu asihan,    (eup, eup, ing, jeung an)

Ti luhur kuwung kuwungan,                                                       (ur, ung, jeung an)

ti handap teja mentrangan,                                                           (ap jeung an)

Ditilik ti tukang lenggik,                                                                 (ik jeung ik)

ditilik ti gigir sieup,                                                                         (ik jeung eup)

Mangka eunteup mangka sieup,                                                  (eup jeung eup)

Asih…Asih…Asih….                                                                         (ih, ih, jeung ih)

Asih  ka badan awaking.                                                                 (   ih, an, jeung ing)

 

d. Amanat

Tujuan tina asihan di luhur teh sangkan ngawasa sukma atawa hate batur sangkan resepeun atawa sukaeun ka nu mapatkeunana. Amanatna yen lamun batur hayang resepeun atawa sukaeun ka urang, tangtu kudu dangdan alus jeung boga paripolah anu hade. Lamun urang geus dangdan jeung boga paripolah hade, tangtu wae teu mapatkeun asihan ge batur bakal resepeun jeung sukaeun ka urang.

 

Nah mung sakitu wae anu bisa simkuring bahas tinu materi “Mantra Basa Sunda”. Ku ayana ragam karya sastra Sunda ieu, kiwari urang kudu ngajaga kabudayaan basa Sunda. Mugia materi Mantra Basa Sunda ieu aya mangpaatna keur urang sadayana.

Add a Comment