Pangajaran Biantara: Pengertian,Conto, Maham eusi Biantara,Pedaran

Pangajaran Biantara. Biantara atawa pidato teh nyaeta nepikeun hiji kedalan atawa caritaan anu disusun merenah di hareupeun jelema loba, dina suasana resmi atawa teu resmi. Biantara ngabogaan sababara tujuan atawa maksud, anu diantarana :

1. Mere informasi atawa pamahaman ka batur.
2. Mangaruhan batur sangkan daek milu kana kahayang anu nepikeun biantara.
3. Nyieun batur jadi gumbira.

Langkah-langkah penting anu kudu dilakukeun dina nyieun jeung nepikeun hiji biantara, nyaeta :

1. Usahakan supaya milih topik anu urang apal, topik nu urang resep, jeung topik anu matak kataji hadirin.
2. Susun teks biantara jeung apalkeun eusina.
3. Terapkeun unsur TAMAN, nyaeta Tatag nyaritana, Aktual temana, Munel eusina, Alus basana, jeung Ngandung wirahma.
4. Usahakeun supaya eusi biantara teh ulah panjang teuing.

pangajaran biantara basa sunda

A. Maham Eusi Pangajaran Biantara

   Ieu aya conto téks biantara. Pék baca!
Assalamu’alaikum wr. wb.
Sampurasun!
Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw.
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun, réh tos dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara di payuneun Bapa miwah Ibu, ogé sadérék sadayana. Dupi anu badé didugikeun dina biantara sim kuring téh nyaéta perkara “Pamuda Hébat Anti Narkoba”.

Hadirin hormateun sim kuring.

Nonoman, atanapi pamuda téh sok disebat generasi emas. Naon pangna disebat kitu? Margi nya pamuda anu bakal nuluykeun kahirupan ka payun, ngagentos generasi sepuh. Mangga émutan, saupama para pamudana ruksak, bakal kumaha bangsa urang pikahareupeunana?
      Namung hanjakalna, kanyataanana seueur nonomanurang anu geus ruksak méméh anjeunna jadi déwasa. Lir kembang muguran saméméh mekar. Di antara anu jadi sababna, aranjeunna kajiret kana narkoba!
    Numutkeun hasil survéy Badan Narkotika Nasionalatanapi BNN, kiwari kacatet aya 921.695 urang, atawa 4,7% jumlah tina total pelajar jeung mahasiswa di Indonésia ngagunakeun narkoba. Padahal urang terang, sakali anjeunna kajiret ku narkoba, bakal hésé ngubaranana. Ku hal éta, taya jalan deui pikeun urang keur leupas tina jiret narkoba, lian ti ngajauhan nu disebut narkoba.
Nu matak salempang ayana anggapan di lingkungan nonoman urang yén ngagunakeun narkoba téh bagian tina gaya hirup. Ngarasa yén ku cara kitu aranjeunna‘gaol gitcuh lokh’. Padahal nu saéstuna, aranjeunna téh satemenna keur ngaruksak dirina sorangan.
Badan Pusat Statistik nyebatkeun yén rata-rata umur urang Indonésia téh 63 taun. Mun dina umur wewelasan atawa dua puluhan taun urang geus kajiret narkoba, hartina urang geus ngamubadirkeun hirup. Leuwihna ti éta, saenyana urang geus ngamubadirkeun kasempetan pikeun milu ngabagjakeun kulawarga, milu ngamajukeun bangsa, sarta milu nanjeurkeun agama. Sabalikna, lamun urang geus kajiret narkoba, teu kurang teu leuwih saenyana urang geus jadi runtah masarakat.
      Ku hal éta, jelas yén pamuda anu hébat téh nyaétapamuda anu anti narkoba. Lantaran pamuda anu anti
narkoba, saéstuna pamuda anu sadar yén lalampahanhirupna panjang kénéh. Pamuda anu anti narkoba  sadar yéndirina boga kasempetan pikeun ngamajukeun bangsana, jeung nanjeurkeun agamana. Pamuda anu anti narkoba, sadar embung jadi runtah masarakat. Pamuda anti narkoba, boga visi anu jelas keur pikahareupeun hirupna.
Hadirin hormateun sim kuring.
      Di antara masalah nu disanghareupan ku urang téhnyaéta lobana gogoda ka nonoman nu antukna nonoman urang tigebrus kana narkoba. Di antarana dicontoan ku public figure atawa sélébriti nu ngagunakeun narkoba. Anjeunna siga teu sadar yéh posisi jeung kalakuanana minangka public figure bisa nimbulkeun balukar nu awon ka masarakat. Popularitas jeung harta, saolah-olah nutupan akal séhatna pikeun jauh tina narkoba.
Harepan urang taya lian, saha baé, boh institusi nagara boh masarakat biasa, kudu ngalawan usaha-usaha nu bakal ngaruksak nonoman akibat narkoba. Urang kudu perang! Nonoman kudu jadi garda panghareupna pikeun ngalawan bandar jeung nyebarna narkoba. Lantaran mun teu kitu, nonoman anu bakal jadi korban pangheulana!
Tuduhkeun, yén urang lain nonoman anu heureutpikir. Lain generasi anu teu boga visi, ogé lain generasi   anu prustasi. Urang generasi anu sadar yén hirup kudu dieusi ku pikiran séhat, hirup kudu dieusi ku gawé  rancagé, hirup kudu dieusi ku amal soléh, saméméh urang cumpon nyangking pancén jadi manusa di alam dunya minangka mahluk Alloh Swt.
Hayu! Hayu! Hayu! Perangan narkoba! Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.
Wassalamu’alaikum wr. wb!

B. Pedaran Biantara

Biantara atawa Pidato teh nya eta mangrupa kagiatan dina nganepikeun pedaran ku lisan ngeunaan hiji perkara atawa pasualan nu dilakukeun hareupeun jalma rea.

a) Dina Prakna Biantara bisa ngaliwatan rupa-rupa sarana, diantarana :

1. Biantara langsung, boh make alat atawa henteu
2. Biantara ngaliwatan radio
3. Biantara ngaliwatan Televisi
4. Biantara ngaliwatan rekaman, boh pita kaset, vcd,CD.

b) Ditilik tina dina Eusina, biantara mibanda tilu (3) sifat :

  1. Biantara nu sifatna Informatif, eusina mere beja, bewara atawa ngawawarkeun nu ciri-cirina nya eta saayana nyata,poksang jeung jujur.
  2. Biantara Propogandistis, eusina ngiklankeun atawa mangaruhan sangkan nu ngadengekeun nurut, milu, jeung biluk kana naon-naon nu ditepikeun, ciri-cirina nya eta dumasar dumasar kana kahayang pribadi, rekaannana ngagedur, mangaruhan, tur matak narik ati.
  3. Biantara anu sifatna Edukatif, eusina teh biasana ngatik tur ngadidik, ciri-cirina nya eta saayana, asup akal, dumasar kana kaelmuan, ngukuhan bebeneran, jeung dana.

c) Cara nganepikeun Biantara sakuduna :

1. Sorana kudu kadenge atawa eces ku nu ngaregepkeunnana
2. Lentong basa atawa intonasina sing merenah tur genah didanguna
3. Perhatikeun titik koma, tanda seru, jeung tanda tanyana
4. Puguh entep seureuhna, jelas maksud eusina
5. Hadena tong pondok teuing oge tong panjang teuing luyu kabutuhan

d) Unsur atawa runtuyan naskah keur Biantara atawa Piadato, diantarana :

1. Salam, atawa pangwilujeng
2. Kalimah bubuka
3. Mun perlu tepikeun tema atawa judul jejer biantara
4. Eusi Biantara
5. Kacindekan atawa ringkesan biantara
6. Kalimah panutup, bisa oge Du’a
7. Salam panutup atawa pangwilujeng
Contona bae bisa biantara ngeunaan Pangajian, Jum’atan, Bewara, nyambut acara resmi, acara paturay tineung, biantara upacara Bendera, jsb.

e) mUngkara basa dina Biantara

Dina eusi biantara ngarah euyeub basana, bisa bae urang mahamkeun Babasan jeung Paribasa. Babasan jeung Paribasa teh kaasup kana pakeman basa. Ari pakeman basa, nya eta pok-pokan maneuh anu ngandung harti siloka, henteu sacerewelena. Eta omongan dilarapkeun ka jelema nyokot tina ngaran babagian awak atawa paripolah/pasipatan jelema bae, aya oge nu nyokot tina ngaran sasatoan atawa tutuwuhan anu di wangun ku omongan geusan ngedalkeun kereteg hate atawa pikiran.

f) Babasan

Babasan ngawangun hiji kecap (kantetan) atawa idiom, tina basa Yunani idios anu hartina sorangan, mandiri, pribadi, husus, atawa has.
Babasan teh sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nya eta ucapan-ucapan nu hartina henteu sajalantrahna, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sacerewelwna. Contona : “dulang tinande” (awewe mah kumaha lalaki), “nyalindung ka gelung” (ngandelkeun [usaha] pamajikan), “ngadu angklung” (parea-rea omong nu taya gunana), “buntut kasiran” (koret / medit).

g) Paribasa

Paribasa ngawangun rupa kalimah atawa proverb, nya eta ungkara winangun kalimah (kalusa) nu kekecapan katut susunanna geus matok, tur maksudna geus puguh, puguh entep seureuhna puguh surupannana, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa.
Paribasa harti asalna mah panyarek, tapi kiwari paribasa teh hartina sarua jeung ibarat, upama, biasana, baku, dadaku, jst. Contona : “mapatahan ngojay ka meri”, “lauk buruk milu mijah”, “jati kasilih ku junti”, “adean ku kuda beureum”, “jabung tumalapung sabda kumapalang”, “balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan”, “cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok”, “hade ku omong goreng ku omong”, jsb.

Add a Comment